Loading...

Bodor Sunda: Pelajaran Agama di Sakola Dampak Daring

 

KUNINGAN (OKE)- 

Pelajaran agama di Sakola dampak Daring

guru : "Saha nu apal do'a lebet ka WC...? Ngacung...!"

Enok : "abdi bu guru..."

Guru : "sok Enok, geura baca..!"

Enok : "Allahumma Inni A'uu dzubika minal khubutsi wal khobaiz"

Guru : “Wah sae pisan Enok… diajar kusaha maneh…?”

Enok: "pun biang.., di bumi. Ku pun biang doa eta diserat teras ditempel caket panto kamar mandi. Tiap ka WC abdi ngaos doa eta..."

Guru : "alus..., Pantas maneh apal do'a eta...."

Guru : "Lamun doa ngeunteung saha nu apal...?

Giliran si Ucup ngacungkeun leungeun..., bari torolang langsung maca doa: "Allahumma Kamma Hassanta Khalqii Fahassin Khuluqii"

Guru : "Bener pisan..., Hebat maneh..., Ucup..."

Ucup : "Pun lanceuk nu nyerat teras di tempel digigireun eunteung, unggal nyisir abdi maca doa eta bu..."

Guru : "Wahh, Hebat..., ayeuna saha nu apal do'a rek sare...?"

Sadud : "Abdi, bu Guru...!"

Guru: "Waaah, Sadud sisinarieun maneh apal...!?, sok Sadud geura baca...."

Sadud : "Bismillahi Allahumma Jannibnaas syaithaana wa Jannibis syaithaana maa razaqtanaa...."

Guru : ??!!! (Jero benci bu Guru, naha bet doa salaki jeung pamajikan rek nyampur...!?)

Sadud : "Do'a ieu si bapa nu nempel caket tempat tidur..., unggal peuting si bapa maca doa ieu jadi kuring apal..!"

Guru "..!!??..., Haaaaahhhhh..., unggal peuting...!" Bari gogodeg..

Sadud : "Malahan unggal peuting macana 3 kali...!"

Guru : "Naaoonn..., 3 kali...!, Masya Allah..., edunnn bapa maneh Sadud..!!!


sumber: tina medosos 

Posting Komentar untuk "Bodor Sunda: Pelajaran Agama di Sakola Dampak Daring"