Loading...

Baheula Teu Bisa Mudik Kusabab Corona, Ayeuna Diijinan ku Pamarentah, Tapi Emana Geus Maot

KUNINGAN (OKE)-  Allahu  Akbar, Allahu  Akbar ,Allahu  Akbar, Laa Illaaha Illallahu Wallahu Akbar, Allahu Akbar  Wa lillaahi lhamd , gema takbir kadenge ti masjid, karasa ku kuring meuni nyeredet kana hate.

Teu rek kumaha nyeredet kana hate, kuduna kuring tahun ayeuna bisa  mudik, kusabab ges dua lebaran  teu bisa mulang ke lembur di Garut. Lain teu boga duit atawa pamajikan gering, tapi kusabab pandemi virus corona.

Tapi pas giliran pamarentah mere ijin,  nu jadi kolot nyaeta ema ges maot basa tanggal 17  Maret 2022. Kuring ngan bisa ceurik, teu karasa cai panon ngalembereh maseuhan pipi.

"Mugi Ema dicaangkeun di alam kubur Ya Allah, kitu deui pun bapa nu ges ngantunken ti 2001," ceuk kuring bari sunyutan cai panon ku tisu.

Harita mun kuring ari mudik ka Garut teh kabeh dibarawaan, komo paket-paket lebaran nu dibiken ti mitra kuring mah ges teu kacaritaken. Komo basa ges boga kendaraan roda opat tisirikna aya naon ge dibawa hayang ngabahagiakeen Ema.

Tapi ti lebaran tahun ayeuna kuring ngan bisa ngirim doa jeung  bisa sodakoh nu  tujukeun ka indung bapa.  Ker baraya atawa nu masih aya keneh kolot gancang bahagiakeun mungpung  araya keneh da geus maot mah ngan bisa ngirim doa wae. 

Tinggalken carita hate kuring nu sedih kusabab teu bisa mudik ka lembur. Ayeuna cuang bahas naon nu disebut mudik ? 

Cek beja kecap mudik teh tina menuju udik (tina Bahasa Indonesia) tapi ceuk penggiat sejarah Kuningan Nding Masku, udik teh kampung  maksudna mudik.

"Jalma nu tas bubuara mulang ka lemburna . Urang pulau Jawa teu biasa nyebut udik. Nah satutasna loba interaksi antara urang Sumatera jeung urang Jakarta khususna jeung warga nu bubuara ka Jakarta," ceuk Nding ngajelaskeun jentre pisan.

Ceuk manehna, urang Kuningan nu bubuara ka Jakarta mangsa taun 60-an teu pati rea,  jadi kecap mudik atawa udik teu dipikawanoh, nu aya mulang ka lembur ngagunakeun basa daerah. 

Ngan ti saprak loba urang Kuningan nu nuturkeun nu sarukses di Jakarta jadi  pakasaban kana bubur, tukang cai jeung asong , eta taun 80-an jeung daek interaksi jeung nu dumuk di Jakarta karek wanoh kana istilah mudik.

" Pancegna taun 90-an jadi babasan mun panggih sasama urang Kuningan di Jakarta nyarebutna iraha mudik?" pokna.

Sabenerna  mah ari kecap udik mah kabiasaan urang Riau ngan jadi kecap mudik ku urang Jakarta alias Betawi. Kecap eta nepi ka ayeuna loba dipake ku balarea.

"Kagok cenah mun nyebut udik teh asa teu kelu makana disebutlah mudik," ceuk Nding bari mungkasan carita. (djn/rdk)

Posting Komentar untuk "Baheula Teu Bisa Mudik Kusabab Corona, Ayeuna Diijinan ku Pamarentah, Tapi Emana Geus Maot"